Aleum. Ceudeum. Tara-tara ti sasari. Kitu pamulu Juragan Kuwu. Tos saminggu. “Kunaon, Akang?” Saban usik ditalék ku Tuang Garwa. Ngabetem. Kalah beuki ngungun baé. Hilap tuang. Hilap tunggang. Garwana samarpolah. Tungtungna mah teu kaampeuh. “Abdi rumaos tambelar. Seueur teuing kagiatan. Mangga bilih badé ngawayuh mah,” Garwana carinakdak. Pasrah. Juragan Kuwu kalah ngaléos.
Beuki sering hulang-huleng. Bari ngarampaan dada. Juragan Kuwu. Kalan-kalan melong kosong ka Dén Ulis. Nu dipencrong guligah kagila-gila. “Rumaos, Juragan. Artos pajeg kaanggé ku abdi,” Dén Ulis ujug-ujug balaka. Reumbay cimata. Juragan Kuwu rumahuh. Teras ngajubleg. Pameunteuna tambih geuneuk. Tambih seueur nu bruk-brak bijil ti cungap. Harianeun.
Wengi-wengi. Mantenna gulinggasahan. “Ampun, Kaaang! Rumaos kausap sétaaan!” Tuang Garwa rawah-riwih teu pupuguh. Nyuuh. Teras waléh. Salingkuh sareng Wadana. Juragan Kuwu muringis. Nyanyautan dina dada. Peurihna kabina-bina.
Di rumahsakit. “Kangker, Dok?” saur Juragan Kuwu nu harita nuju diparios dada. Hemar-hemir. “Sanés! Bisul bungkul..! Tenaaang...!” Dokter nyéréngéh. Juragan Kuwu ngagakgak. Lajeng ngagukguk.