Béja. Pabéja-béja. Kangjeng Dalem seja cunduk ka lembur kuring. Kantenan, Pamong Désa cuh-cih. Rahayat beberesih. “Halaah, ménak tambarakan! Rék nanahaeun los-los ka dieu?” Kabayan mah kalah terus kukulutus. Di kebon. Sabot nilasan tamiang. Milih-milih. Laju mites-miteskeun harupat. Batur-batur pakepuk masieup lembur, Kabayan mah kalah anteng ngoprék awi jeung harupat.
Isukna. Rahayat geus ngagimbung sabudeureun balandongan. “Kangjeng rawuuuh!” Hawar-hawar, kapireng anu ngiberan. Balaréa moyég. Tinglalieuk. Bréh. Kangjeng Dalem. Salirana langkung kembung tibatan jemblung kurupuk. Burayut. Gual-guil. Diabringkeun ku Para Pangagung anu sarwa barudayut. Tinggaruil. Haranjat ka papanggungan nu jangkungna nyundul méga.
Sabada dihaturan biantara, Kangjeng Dalem ngadeg dina mimbar. Ngabugigag. Balaréa taranggah. Na atuh, kapireng nu tingsiriwik. Kangjeng Dalem ujug-ujug ngajedag. Patuanganana bitu. Kitu deui Para Pangagung séjénna. Tingbeledug. Tingjelegur. Artos muncrat tina saban patuangan. Rabeng. Tingkalayang. Pirang-pirang. Balaréa hareugeueun. Sakedapan. “Duiiit! Duiiit! Duit uraaang!” Tungtungna, rahayat teu burung ribut. Tinggorowok. Marulungan.
Di munara masjid. Kabayan nyakakak. Igel-igelan bari ngamang-ngamang sumpit.