Isuk-isuk balik ti pasar. Dadasar na méja warung. Geus bérés tuluy ka cai, rék gégéroh. Can gé dek, torojol alo. Si Asép, budak gumélo meujeuhna lucu ku bawélna.
"Tutu, Mamah iut!" pokna.
"Naon Asép, teu ngarti Bibi mah?" kerung nengetkeun omonganana.
"Mamah iut!" rada keseleun.
"Susu, ceuk si Mamah péot?" cekéng nyobaan ngartikeun.
"Mamah iut!" leungeunna pepeta siga nu keur nyurat-nyorét.
"Susu si Mamah péot?" kéom, teu kuat hayang ngajembél kana pipina nu kembu. Budak gé kerung teu ngartieun. Regenyeng budak diais. Nyampeurkeun indungna.
"Étéh, naon atuh si Asép téh, tutu mamah iut, wé hayoh?" gégétrét teu ateul. Nu ditanya kalahkah nyakakak
"Hahaha matak kudu diajar heula basa planet. Cucu, ceuk si Mamah, parud!" tutunjuk kana sampeu jangeun combroeun.