Ngapélan manéhna, mayeng. Angger dianggap teu keyeng. Saulineun cenah. Balabah mahugi manéhna, sagala dipupujukeun majarna téh,
“Akang tong hayang katangar, lah! Mo liyur ku panyombo abdi mah.”
“Jiiih! Teu sawios Nyai, ieu mah tawis asih wéh. Cenah urang aya milik tiasa ngadahup, nuhun. Ah cenah teu aya nasib, mugia karénging gentos nu lalangkung saé.” cékéng ngabeberah diri bari angger miharep manéhna surti. Sajongjongan ngabaretem. Aranteng neuleuman leuwi ati sanubari séwang-séwangan.
“Yeuh Kang! Najan Akang buméla nepi ka ngemasing pati, abdi tetep teu sudi kudu ngahiji. Pan seueur nu kersaeun ka Akang gé, sanés?” Anéh ditampik sapajodogan bet sisinarieun teu nyeri haté. Padahal biasana mah, langsung nyebarkeun ésémés komando ka anak buah sangkan dibolokotokeun. Ukur ngarahuh bari neuteup deudeuh.
“Pami palay uninga, mangga Nyai peureum, caang atanapi poék, nu karaos?”
“Mongkléng!” bari bangkenu.
“Tah sapertos kitu kaayaan haté Akang, mun kaicalan salira.” Nu bangkenu imut sakolébat, jual mahal.