Hey! Keur naon manéh? Bingung! Paséa deui jeung jikan? Ahhh manéh mah. Pédah naon? Meuli hapé. Nya baé atuh duitna ieuh! Emangna ku manéh sok dibéré sabaraha? Hah...tara! Ari manéh usaha jang naon? Jang nguseup! Anjir...sia mah teu nguteuk, dionder isukan mah.
Eh...maké cungar-cengir. Beu...hayang nyandung! Naon manéh melong kitu ka urang? Hah...bogoh. Doclo sia mah! Sudi teuing ké nasib aing siga pamajikan manéh. Tumpakan wé hungkul teu diparaban, jajauheun ka diurus.
Pamajikan manéh ménta papisah! Nya heueuh atuh. Salingkuh! Bongan sorangan. Jeung nu kasep! Wajar, pan geulis lin jikan manéh mah. Kaduhung? Leuir.
Kumaha! Nya wilujeng wé. Seuseup. Geus ah capé ngomong jeung manéh mah.