"Akang...!" ngagorowok, ngagero nepi ka tungtung dunya. Simpé, taya nu ngawalon. Iwal ti haté nu galecok jeung geleburna lambak. Langit ngalukis layung dina taktakna. bulan medal siap maturan. Teu aya nu leuwih éndah, batan ieu kasono. Terus leumpang dina wates dua alam. Sugan panggih jeung anjeun. Nu biasana sok aya ngadon niis, di dieu. Nyorangan.
Rét, sarérétan. Hiji tangtungan nu dianti. Angger nyorangan. Dampal sukuna ngulinkeun keusik basisir. Lalaunan nyimbeuh noélan. Angger haré-haré. Simpé.
"Akang...!" Ser...teuteupna nuturkeun.léngkah. Lumpat ngadeukeutan.
"Abdi aya kanggo salira!" gelegur lambak neumbagan karang.