Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

De'marcia

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 13 Fébruari 2015 01:15:13

Bulan moncorong. Ranggeuyan bentang tingkaretip di langit harepan. Parahu ngangkleung di laut simpé, nyorangan. “ Naha kieu waé aing hirup téh” gerentesna ngabelesur ciciptan, nujul lemburna nujul imahna, kulawargana. Neuteup jaring dina luhur cai, geus opat jam teu oyag . Kamarana? Ombak ngaluhuran, parahu diayun ambing jaladri pasang. Layar dipulut. Kolébat beungeut pamajikanana jeung tilu budakna ngolébat, ras celembeng geulis si bungsu. Jurungkunung lambak gedé, parahu tibanting carem ka jero laut. Taya pitulung geusan pamuntangan. Jaring motah aroyag, rebuan lauk kajiret. Nu boga jaring tingtrim di alam kalanggengan. Waluya.