Geus mangtaun-taun sok maling rérét kana pameunteuna téh. Ti saprak teu ngahaja eureun di hareupeun warungna. Batur mah nyarebutna Ceu Mincreung. Pédah méncrang meureun.
Kamari gé ngahaja mareuman mesin mobil di peuntaseun warungna. "Biasa, Ceu. Mijon atanapi Pokari," bari ngarérét kana biwirna. Haté asa leyur. Lééh. Jeung siga nu ngahajakeun, mun kuring melong téh, biwirna sok dirunya-renyu. Kadang sok katingali seuri mun ngaheureuyan anakna. Meni sok ngadadak hayang nyakrek huntuna. Kabayang amisna.
"Angkat ka mana, A?" Si Euceu nanya bari dua leungeunna ngangkat menerkeun beungkeut buukna. Ah, hariguna nyitak 'na kaos bodas polosna. "Ka susu, éh, ka Bojong Reungas, Ceu," ceuk kuring. Beungeut asa panas. Éra, kacalétot ngomong. Si Euceu ngadon seuri. Dadana eundeuk. Angger, sok ngahajakeun.