Tengah poé, panas mentrang-mentréng. Acép jeung Ucup karék baralik sakola.
"Cup, urang ngarujak yu! Seger meureun nya?"
"Hayu, ké urang ka teun manéh nya!" duanana papisah lebah gang. Teu lila Ucup nyampeur ka imah Acép. Bring, duanana ka kebon, ngala jambu jeung gedang. Di sisi jajalaneun, aya tangkal kucubung. Kembangna nu karonéng matak uruy.
"Lumayan tambahan, cenah alus jang ubar ateul" ceuk Ucup. Dipetikan ku duaan.
Datang ka imah Ucup, sok dibikeun ka adina.
"Pangrujakkeun céngékna lima wé!" Uli unggeuk. Acép jeung Ucup narangkring di teras bari gigitaran. Jol Uli mawa rujak dua piring. Song, dibikeun.
"Naha ngan dua? Uli moal kitu?" ceuk Acép ngaheureuyan.
"Alim ah," pokna pondok, terus asup deui.
Acép jeung Ucup cacamuilan ngopi rujak.
"Asa lieur kieu...ngeunah heueuh? Acép hayu rék milu! Urang pindah ka bulan!" Les, duanana ngajarongkéng