Layung beureum geus ampir ngaleungit kasimbutan ku peuting nu medal. Maksa eureun poé nu geus leuseuh. Léos ka cai. Bebersih. Rap, mukena. Teu khusu. Langsung kiro'ah. Ti ayat ka ayat, surat ka surat nepi ka sababaraha juz. Angger teu bisa meperkeun kaambek jeung kakingkin. Sakali-kali neuteup kaluar jandela. Bentang nu tingkaretip siga nu ngajebian. Jajantung geus teu puguh wirahmana. Sora nyelek na tikoro. Titingalian geus surem. Reup, humandeuar.
"Atos ngaosna Cha, tos tengah wengi ieu teh, geura peureum" Umi, jol aya pengkereun.
"Tos pendak sareng Eka, teh?" pokna deui, ngusapan sirah.
"Atos,"
"Naha tara kadieu deui?"
" Cenah urang mah keluarga penjahat,"
"Naha atuh lain papisah?"
"Nya, atos ieu gé,"koléséd, sup, kampuh dikurubunkeun. Cinétra bedah.