Tepang sareng Bapa Persidén, nuju mapah dina abrulan jalmi. Éta jalmi anu ngabrul téh arangkatna bangun rusuh, duka badé ngajugjug ka mana.
Rupina tos majeng ka sepuh, Bapa Persidén téh ayeuna mah rada mongkoy. Tapi abdi yakin, éta téh pasti Bapa Persidén. Abdi ogé rada héran, naha Bapa Persidén teu disarengan ku ajudan? Nuju blusukan téa, rupina mah.
Apan éta téh persidén anu dipilih ku abdi, nya abdi téh hoyong waé naros. Iraha teuing abdi tiasa pareng jonghok sareng persidén, tuda.
Hanjakal Bapa Persidén téh bangun anu samporét waktos. Duka pami nuju rusuh téa, kitu? Atuh abdi ogé teu panjang sasanggem. Ukur tumaros hal anu ceuk émutan abdi penting, “Dupi Bapa Kapolri téh badé cios dilantikna?”
“Har?” walerna bangun teu kinten héranna. “Ulah naroskeun anu kitu atuh. Apan ieu téh di padang mahsyar.”