Nguniang tinu ngimpi panjang. Gigisik.Nyerangkeun haseup nu ngelun na pucuk gunung, terus ngajaul mapakan méga. Dipapag layung nu beureum milu teuleum tukangeun gunung. Clak...clak...cimata mapay pipi. Mang abad taun. Karék sadar.
Puluhan teuing ratusan kali dijanjian tapi dibohongan geus ratusan kali oge ngahampura. Teuing geus siga kumaha rajetna ieu haté. Ret, ka garasi nu geus pinuh ku rupa-rupa mobil. Ret; ka jero imah, parabotan lux. Geus puguh deui awak mah baju ti perancang ternama, "Lain...lain hayang ieu aing mah," ngagorowok teu karasa.
"Hoyong naon atuh? Hampura geulis!" pokna.
"Urang papisah nya? Geus embung atuh aing teh dibéré waé panyakit!"
"Ulah atuh, pan Maneh teh kartu hoki jang urang mah!"
"Ah, sudi aing kur jadi pipinding bilik mah!"
"Nya hayu, tapi manéh rék dijadikeun ka batok kalapa!"
"Heug!" tigin. Euweuh elmu panutup. Ngemplong.