Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Sataun

Kénging Rifa Umun Nisa
Dipidangkeun dina lapak 11 Januari 2015 06:04:46

Dinten ieu, jejeg sataun. Ti ngawitan gubrag, bolokot kokotor. Dirawu dipangku, dibagéakeun ku para sepuh sareng para wargi. Dirawatan diriksa diaping-ayunambing dijaring siang wengina. Bingah taya papadana. Asi ekslusiv mahabu.
Dituyun haohakeng sakecap-duakecapna, ngalangsud ngorondang teras upuy-apay sagala dirawél. Aya kalana panas nyebrét enggal dipupuksuhun paria génggé. Mun indah teu elat daun kamanilan. Sadaya bagja ku lucuna, hariwang ku teu damangna, ogona teu ngajantenkeun aral. Talaten. Lelewek sareng sari buah diwanohkeun
Méh enggal lumpat ngahaja dituyun rebun-rebun kana jukut nu reumbay ku cireumis. Nyungkeun pidu'ana ka nu mulih jumaahan. Tuur ngelecer salengkah-dua lengah gebru, salengkah-dua lengkah gebru deui. Teu bosen ngagugahkeun deui. Cungcurungan eumeur teu diraos. Teterejel hoyong ngiring lumpat sareng Akang, Ambu, tétéh.
"Papah ka sawah kadé aya léntah...!"***