Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Keur Anjeun

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 10 Januari 2015 01:49:05

Panonna peureum. Dua dampal leungeun handapeun sirahna. Nangkarak luhureun salambar samak. Rénghap napas jeung tuktekna sora jam, silih témbalan. Peuting, simpé.
Beunta. Teuteupna mapay lalangit. Tuluy haharéwosan. Nyebut-nyebut hiji ngaran. Unggal nyebut, hiji tatu nambahan rangsakna rasa kapeurih manéhna. Kahayangna mah ngajerit. Ngabéjakeun sakabéh alesan. Nyorowokkeun sagala sono nu teu pernah diidinan jadi kekecapan atawa jadi tulisan. Sono nu salila-lila dikeueum jeroning dada. Nu ukur kedal jadi cimata.
Da jeung enyana. Guligah geus dipatri. Pageuh. Ngageuri.
Manéhna gumerendeng deui. Nuluykeun nyebutkeun hiji ngaran. Teu maduli dadana ngagetih wuwungan. Peupeur. Kangen diabur. Najan euweuh soraan.