Tepang saba’da teu patanya.
“Nyi, hapunten aa, nya? Najan aa teu tiasa ngadamel rumpaka basa nu ngalagena sapertos pujangga, namung Aa jangji seja mo lanca-linci ka lain ati sumawona ka lain pribadi.” Bari neuteup seukeut socana nu bareubeu.
“Sami abdi gé A, rumaos dulang tinandé, tuna katiasa. Mung ukur badé babaktos sapinuh ati baé, supados Aa bagja dina pirang-pirang kaayaan rasa.” Réma pataréma, mingkin pageuh. Haneutna nyaliara ka saban lulurung kalbu. Silihléahkeun, silihlubarkeun pirang-pirang bangbaluh.
“Katampi, Nyi. Sayaktosna pami papada urang sampurna, tangtos mo silihpikabutuh sapertos ayeuna.” Panangan nyangkéh taktakna, laju neruskeun lalampahan kahirupan anyar. Silihtuyun diantara taringgulna tetengger mangsa katukang di Astana Pieunteungeun.