Ngajalankeun mobil téh teu tarik. Mangsa ngaléok méngkol ujug-ujug aya nu nyalib. Reg motor téh eureun lebah jajalaneun. Jut nu bogana turun, ngadeukeutan, kaca hélemna dibuka. “Nepangkeun, Garong! Éngké wengi sasaran téh bumi Bapa,” omongna. Kalacat kana motor deui. Biur nyemprung miheulaan. “Kunaon jelema téh?” cekéng garo-garo teu ateul. Bada Isya gék luhur korsi di rohang tengah maturan pamajikan nu lalajo sinétron. Teu kungsi lila kadéngé nu mencet bél. Pamajikan cengkat muka panto. “Pa, tamu!” cénah. Sémah dititah sina langsung ka rohang tengah. Barang bréh, “Siga jalma nu tadi beurang?” cekéng ngagerendeng. “Émut kénéh?” neuteup seukeut. Uing unggeuk. Kerung. “Ayeuna pisan waktosna abdi ngagarong téh! Bapa sareng Ibu uninga ieu naon?” ngacungkeun péstol. Uing jeung pamajikan ngeleper. “Upami kahartos, wayahna perhiasan sareng artos ka abdikeun!” Pamajikan gura-giru nyokot perhiasan jeung duit nu aya di imah. Kabéh dipasrakeun. “Hatur nuhun katampi,” laju ngaléos. Geus leungit tina panempo. “Garooooong!” segruk pamajikan ceurik.