Méh unggal soré. Prak mah henteu. Kucaritaan wungkul nu ngagimbung hareupeun garduh ronda percaya. Gogodeg. Kumecrék. Komo lamun niténan dedegan mah. Kabadanan. Tegep rék ngaku jawara ogé. Lebah cangkéng teu weléh nyolégréng bedog. Kalakuan sahaok kadua gaplok. Gawéna ukur malak. Sentakna galak. Harita gé manéhna keur nyarékan Sarmin laklakdasar pédah kalékéd dipéntaan. Boroning méré jang maraban anak pamajikan gé teu cukup. Pikirna. “Ieu mangkeluk geus wani ngabangkang ka déwék!” cék Ki Jago bari tutunjuk. Nu disentakan ukur murungkut. Haténa hemar-hemir. Sok sieun jekuk ditonjok, ditalapung. Nu hadir taya nu wani cacarita sumawona andon bébéla. Gigis. Miris. Bati haté ngageremet. “Jadi silaing téh hayang ngajajal, heuhhh! Sok kadék awak déwék, pilih; kulit nu uduh, tulang nu rangu, rék ti tukang sok ti hareup jung!” srét ngalugas bedog. Keleweng cleb. Luhur lemah hareupeun Sarmin. “Kadék bincurang déwék!” ngadegungkeun. Nyel Sarmin ambek. Gap kana bedog. Hiuk, diheumbatkeun. Ki Jago ngadadak sepa. Nénjo gurilapna.