Geus biasa. Unggal bulan sapar sok rada kerung. Kadang nepika nguyung. Pamajikan ditambah anak opat, teu meunang henteu kudu dikipayahan. Jaba bayaran urut tipi tina arisan nepika ayeuna can kapunahan. Kadang sok aral mun teu inget ka barudak mah.
Mun bulan-bulan séjénna mah sok rada aya leuwihna. Aya tambahan tina buburuh mangnampolkeun suluh jeung ngageber saté di nu hajat. Malah pamajikan gé sok beubeunangan tina mangumbahkeun wadah. Tapi da bulan sapar mah tara aya nu hajat.
Sapopoé ukur ngandelkeun tina ngajual gelas plastik urut cai mineral.
"Si Cikal kedah énggal mayar, Kang. Saurna ti sakola badé aya Study Tour ka musieum-musieum nu aya di Bandung." Ngahuleng. Rék ti mana néang duit 120 rébu. Encan keur jajan di jalanna. "Widian atuh abdi nepangan ema, Kang. Urang nambut. Sanés nyungkeun ieuh." Ngadéngé kitu, ukur bisa ngomong, "Entong. Akang gé sanggup kénéh ngusahakeun."
Peuting-peuting. Indit ka imah Haji Kamal. Nawarkeun tipi.