Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Tangkarak Parahu

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 09 Désémber 2014 10:10:28

Parahu geus lawas nangkub. Kaduhung baheula maké ditalapung. Ayeuna karasa butuhna. Dayeuh remen kakeueum. Ngemplang. Mindeng pugag lalampahan. Nya tangtuna ogé parahu anu merenah pikeun tutumpakan mah. Sina nyoloyong meulah beungeut cai. Éta pangna Sangkuriang ngajugjug deui ka tempat asal. Manggul balincong, ngajingjing linggis. Ditugar-disungkal. Teu onggét-onggét. Abong heueuh bahanna tina kai petingan, jieunan para guriang. Sugan kudu diseundak. Aduregeng nyacapkeun tanaga pamungkas. Teu burung ngagorémpal, laju nangkarak, kumaha ilaharna parahu. Bréh waé di sahandapeunana, para anggota déwan keur ragot pacéntal-céntal.