Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."
Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."

Rusiah Di Kaputrén

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 06 Désémber 2014 08:59:09

Teu bisa baha kana kahayang sepuh. Endén Putri Citraresmi kapaksa nampi panglamar Hayam Wuruk. Padahal geus aya beubeureuh nu satia. Unggal peuting datang. Nganjang bari demit. Gegejeburan teuleum dina lautan cinta.
Peuting éta minangka peuting panungtung. Anu ditungguan can jol kénéh. Naha ka mana? Umur-umuran can pernah jalir. Na kunaon? Gumerendeng sorangan. Tilingcingcat. Unggal aya sora luareun kamar gancang diburu. Ngajengjen dina lawang jandéla. Guligah.
Jangkrik jeung cihcir sorana patémbalan. Endag-endagan nepakan dada. Ucang-anggé dina haté nu liwung. Ngocéak dina jerona jero. Gugupay metotan rasa.
Peuting ngagayuh ka subuh. Aya nu ribut di lawang kaputrén. Wadya balad tentara karaton keur ngerepuk hiji lalaki. Imeut ditingali saha nu keur dikepung. Teu kasamaran. Arék dihulag. Ngan hanjakal sirahna kaburu ngagelenceng.