Harita isuk-isuk kénéh pisan. Ciibun patinggulantung dina dangdaunan. Sawaréh ngeclak kana lemah. Sawaréhna deui ngapung ka jomantara nuturkeun sorotna Sang Surya.
Para pamilon OPAB geus dijajarkeun ku panicia. Sina olah raga heula saméméh sasarap. Rempeg. Aya kana dua ratus urangna. Lolobana mah wanoja. Puguh wé, para panicia jaluna sarumanget. Arocés. Biasa néangan nu hérang-hérang. Kuring ngan ukur nyéréngéh. Nyérangkeun maranéhna ti kaanggangan. Ras inget ka jaman bihari waktu kuring kapeto jadi Komandan Komdis dina acara nu ampir sarua.
Keur anteng ngumbar lamunan. "Maaf, Pak. Apakah Bapak salah seorang dosén pengawas di acara ini?" salah saurang pamilon nyampeurkeun. Wanoja. Gebeg. Rét kana beungeutna. Asa aya gurat nu sarua. "Siapa kamu?" ceuk kuring. "Saya Putri dari Kawali," bari ngasongkeun leungeun. Sasalaman.
“Citraresmi?!” cekéng téh. Hélok. Manéhna unggeuk. “Saya tahu bahwa Bapak adalah titisan Pawitan. Kekasih saya,” ceuk manéhna. Neuteup. Teu ngiceup. Aya nu gumenclang. Maruragan mapay pipi. “Pawitaaaaan…!” bari ngarangkul.