Boroning Pandawa Kresna sorangan hariwang nénjo ketakna Drona. Nu kiwari dipeto jadi panglima perang Kurawa. Jago kolot ngagem ajian sriwénda-danurwénda. Hiji panah nu dileupaskeun ka jomantara balik deui jadi rébuan. Brus-bres niruk paraprajurit pihak Pandawa. Jerit, kocéak, dibarung surak Kurawa nganteurkeun patingkudupungna pasukan musuh. Nénjo baturna perlaya burih maranéhna mimiti ngipisan. Arjuna ngumahakeun ka Kresna. “Tenang, Yayi,” taktik licikna mimiti muncengis. Laju ngayakeun babadamian leutik, satuluyna ngaharéwosan Bima jeung Yudistira. Maranéhna unggeuk tandaning sapuk. Teu kungsi lila kadéngé patingcorowok ti kaléreun Kurusétra. “Aswatama gugur!” cénah. Padahal gawéna Bima nu geus maéhan gajah. Ngadéngé kitu sumanget Drona ngendoran. “Bener Aswatama?” Unggal nu ditanya jawabanna matak mangmang. Rét ka Yudistira teu anggang ti dinya. “Ieu nu tara bohong mah,” gerendengna. Jut turun tina karéta. Tumanya. “Leres, Ama…..ass,” cék Yudistira. Drona langsung ngalekey. Deku. Dréstajumena luncat ngaheumbatkeun pedang, rék nigas janggana. Orokaya, Drona ngagiwar, ngarampid suku. Blug. “Cilaka!” Kresna ngembang kadu, beungeutna pias.