Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

Nu Dikerem Di Gudang

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 04 Novémber 2014 21:40:00

Blug. Awak uing dibalangkeun. Nyangsaya luhur sofa butut. Teu kungsi lila kalayang deui nu sanasib. Geus pasti nu anyar datang nindinhan awak sorangan. Teu bisa ngejat suku katut awak ngalaman tatu parna. Sungut jeung tarang buncunur. Bek. Cénah. “Aduhhhh,” cekéng. “Hampura, Lur!” cénah. Geblug. Panto gudang dibantingkeun. Ceklék dikonci ti luar. Sora sapatu ngajauhan. Kaayaan jadi poék. Rohangan nu diwangunku témbok beton taya lolongkrang pikeun asup cahaya. Uing dihijikeun jeung barang-barang nu dianggap rongsokan, kawasna. Beurit ricit. Karasa patinggarajleng muru awak, mejéran, modolan. Ayaku téga. Naon salah uing? “Sabar, Lur, teu kudu sedih. Tarimakeun anggur,” cék batur sanasib. “Dupi sadérék saha?” cekéng panasaran. “Ih, naha maké nanya kitu? Pan nu harita gigireun, Dulur!” jawabna. “Gigireun?” cekéng. Nginget-nginget kajadian. Bener da nganduaan nu ngalaman nasib digubragkeun teu puguh-puguh di gedong déwan téh. “Akang,” cekéng. Ti dinya. Jep. Jempling. Tibra. Nyaring téh kagareuwahkeun. Sora ragaji mesin. Gurilapna bedog. Katojo matapoé.