Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Tatto

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 28 Oktober 2014 11:20:43

Gusrek… Gusrek…! Sora sikat ngagosok téhel WC di hiji masigit. Kalan, leungeuna pakepuk ogé jeung nutupan aurat. Kitu ngabasakeun manéhna mah. “Baheula mah! Aya rasa adigung mun kaciri téh,” Nyeuseup ududna jero pisan. “Ieu ogé, can bisa kuring nyingkahanana,” Bari nyintreukeun puntung. Sa-awak-awak digambaran. Euweuh nu kaliwat. Nepi ka huntu digambaran. “Lima puluh juta, sahuntu!” Luk, tungkul. Aya nu rembes tina panonna. “Geus waktuna, dhuha heula yuk ah,” Sup, ka masigit.

“Gusti, jasad abdi geus kotor, mugia ulah nepi ruh abdi miluan kotor nalika mulang!” Do’ana peuting harita, saacan jasadna balobaran getih. “Mang Sarpoed, mantan anggota yakuza Éndonesa, Tewas.” Headline salah sahiji berita…*