Gagal jeung gagal. Kukulutus. Ahirna nepi ka leuweung sanget. Tadi gé di landeuh pada ngabéjaan ulah ngalanto ka lebah dinya. Teu diwaro. “Kuma déwék!” Puguh ieu anu ditéangan. “Di dieu jalan pati aing!” Nginum racun teu paéh, ngagolér luhur rél karéta bolay, ngaduruk manéh teu metu, sugan panggih jeung maung atawa onom. Modar téh tulus. Da sia gara-garana mah, Nyai! Abong kéna rancunit, loba nu ngahelaran, aing disapirakeun. Siga nu méré harepan. Buktina cau ambon dikorangan. Jajauheunka palupuh nangtung. Reg sisi jungkrang. Lungkawing. Dasarna batu cadas sareukeut. “Moal gagal!” cekéng nyorowok. Cikikik téh nu nyeungseurikeun. Sorana patingsaléor, matak kukurayeun. Rét ka lebah datangna sora. Kunti ucang-ucangan dina dahan. Disidik-sidik geulis ogé. Leng. Lila meueusan. Jigana matak seuri gé bogoheun? Cék haté. Tuluy disampeurkeun. Kunti ngejat. “Amit-amit!” Ger nu surak awor jeung keprok. Dibarung suit. Teu kantun nu nyakakak. Nyel keuheul. Belewer mik diténggorkeun kana tarang Sutradara. “Anjing!” Sutradara ngaheumbatkeun korsi.