Poé Minggu. Pabeubeurang. Langit lénglang. Odin saparakanca ngagaredig. Nu manggul hitar. Nu ngélék samak. Pauntuy-untuy di jalan satapak. Naranjak ka pasir Kinanti. Néang mojang nu geus ti heula mariang. “Aingah, lalémbon pisan! Gancang laleumpangna, ‘Kangbro!” Daris nyorowok di hareup. Teu sabar. Odin nyuruntul. Nyusul. Hayang geura patepung jeung Néng Halimah.
Jog ka penclut. Tingrarandeg. “Jiiih, ka marana, nyah?” Daris molohok. Odin kukulintingan. Alak-ilik. Pasakeun patingtalambru. Kastrol nagen dina hawu. Néng Halimah saparakanca duka teuing di marana. Daris celak-celuk. Suwung. Odin guligah naker. Rus-ras. Ka siluman-sileman. Musuh kabuyutanana. Ka Randuajag. Ka Gintunglutung. Sawadiabaladna. Nu sok ngabarongohan. Odin nyaringcing. Luak-lieuk bari babacaan.
“Hoyaaaah!” Kapireng nu ngabétahkeun. Bareng. Tingrarénjag. Bruh-bréh. Mojang-mojang horéng nyaramuni. Ayeuna keur jalumigrah. Bungah pédah bisa ngalejokeun. Tingcikikik. Salusurakan. Ngarancunan bari tuluy nyalampeurkeun. “Landong kesel,” Halimah ngaharéwos. Ngasongkeun buku. Sabada balakécrakan. Sabot Daris keur ngahitar. Odin diuk rada anggang. Muka buku. Bréh. Aya amplop semu kayas. Nyelap dina novel Cinta.