Wanci bihari jeung kiwari, silibeulit. Di jalan ieu, siliala. Taun 47. Soldadu NICA nu kulitna coklat ningker manéhna. Ngarayap sisi kamalir jalan. Jang nyalametkeun anak pamajikan. Karasa kénéh ting peletékna petélan mortir. Tukangeunana. Dibarung ku jerit acining hirup. “Apa, tungguan..! Abdi teu kiat” Rét katukang. Dunya ganti kelir jadi beureum. Dirangkul bari dibetot ka tukangeun batu.
“Hampura Akang..” Beureum pagalo jeung bodas. Dina cicika matana. Lalaunan diécagkeun. Dina jalan ieu. Nu leucir hotmik. Hiji soré ngaririncik. Tetempoan geus rarobah. Euweuh sampalan nu misahkeun jumelegurna kalantaka Walanda. Euweuh gorowok merdéka. Tukang cikopi ukur neuteup. Laju ngalieus. Lebah dieu teu salah. Deukeut batu nu ngarunggunuk. Dipencrong sajongjonan. Mamanis jeung papait, hirup jaman ayeuna. Lara suda ngaraga urat jaradi daging. Ngorbankeun naon waé. Sisi jalan béh ditu. Ngajenggléng. Gedong Pangadilan Nagri. Gilig, isukan rék didatangan.
Cekiiit..jedak. Lampu-lampu ting buricak. Nu beureum, bodas jeung biru. Sirineu ting harieng. Boa Walanda datang deui. Gerentes haténa. Warugana diriung
“Barangmaén nu kamari. Sugan téh saha..”