Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Era Sorangan

Kénging Mimin Wiati Tea
Dipidangkeun dina lapak 12 Agustus 2014 21:04:51

Nu kitu téa mah, Si Emud, sobat kuring. Naha atuh, kuring bet ditinggalkeun di alun-alun, bada bubaran lalajo band. Enya, kapan tadi téh, babarengan ti hareupeun kantor RW milu pawéy. Nu pawéy panghareupna, barudak nu maraké baju adat. Dituturkeun ku rumaja, sapalantaran kuring. Si Emud, maké baju tentara, Nyi Esih maké baju perawat. Ngan kuring, bet nurut kana kahayang lanceuk awéwé, bet kudu jadi banci. Kuring didasteran, beungeut didangdanan meni menor. Sapanjang jalan ngan saleuseurian wé, jalma-jalma téh, bari tutunjuk ka kuring. Bae, ah, itung-itung ngareureuh-reuah tujuh belas agustus. Nu pawéy tuluyna mah muru alun-alun. Nyampak téh, di alun-alun keur aya nu maén band. Lapangan nu sakitu legana téh meni pinuh ku nu lalajo. Kuring lalajo téh, bari pundah-pindah tempat.
Bakat ku pogot lalajo band, kuring nepi ka mencar jeung babaturan. Bari jeung éra, lahlahan, balik naék angkot, da lumayan rada jauh ka imah téh. Na, atuh, di angkot meni rut-rét wé penumpang téh ka kuring, kituna téh bari nungkup biwirna. Géhel téh deuih, di deukeut lawang nyampak nu geulis. Duh, aingah, moal sakali-kali deui, ah, mamaké daster.