Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Manjing Batu Galécok..

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 08 Agustus 2014 22:57:48

Meunyi. Teu deuk uingah. Kudu eureun perang? Dina kaayaan meunang bari arandika nu ngajukeun sarat? Yéy, teu boga kaéra satéh. Badis cilimitna, jiga karuhun ilaing. Monyét jeung bagong. Tanah karuhun kami nu dilidek ku arandika, naha kudu ngéléhan? Mun arék, balikeun sakabéh taneuh karuhun, jig baralik ka lembur séwang-séwang. Untung teu ditagih séwana ogé.

Lain pédah suku kami tinggal hiji, indung-bapa geus kasambut pon adi-adi. Lain.. Nu puguh mah, bebeneran kudu nanjeur di dieu. Dina taneuh Paléstina. Téng Mérkava. Stinger jeung Rudal ukur rametuk. Sakali napuk teu burung jaradi ruruntuk. Jiwa aranjeun anu kolak bool, ngan wani ngagempur barudak, aki-aki jeung nini-nini. Boa, perjurit ilaing mah euweuh kanjutan kabéh?

Batu-batu nu dibalédogkeun saban poé humaréwos, “Anteurkeun kana beungeut-beungeut musuh, sangkan maranéhna dihinakeun jeung dijuralitkeun ujubna.” Batu-batu gedé patingjorowok,”Yeuh, pasukan Muhammad. Aya Yahudi tukangeun kami keur nyumput.” Dagoan, moal weléh diayonan tepi kamana. Kami, seuweu-siwi Salahuddin.