“Mimitina karasa haneut. Nyerep jeung nyirep. Mapay tina pigeulang. Kana siku, taktak jeung harigu. Kumalayang dina alam gumenclang. Sérab ku rupa-rupa warna nu ting borélak. Nyecep kana mamaras. Teu jiga nu digambarkeun ku kolot-kolot baheula. Cenah jiga digerihan ku pedang. 300 balénan. Teu karasa teu sing. Malah sari-sari éndah. Matak meuyarkeun lalangsé pasualan. Nu gumalécok kawas ngalokan. Tukangeun, karasa ngelentrung. Kadéngé hawar-hawar. Ku kuring disidikkeun. Gambar beungeut maranéhna burem. Siga karungkupan halimun. Teu lila sora-sora ngalaleungit. Suku karasa nyecep. Ngarayap satulang sandi. Tiisna teu bisa dipeunggas. Néréptép kana cangkéng. Nyaksrak siga nu maksa. Nu tadina harigu haneut, lalaunan jadi eungap. Rét kana morpin nu diasupan ngaliwatan inpusan. Masih kénéh nyaclakan. Tapi naha, leungit kadeudeuhna. Ieu saha nu nyerek punduk kuring. Bari tibeberegeg. Kadongdora, meni euweuh rasrasan.”
“Tangkurak sia. Ku déwék rék dijambret sakalian” Kocéak dina simpé, maratan langit. Hanjakal, bet percaya ka Socratés. Majar paéh ubar..