Nalika, popor bedil jeung pélor Nétanyahu ngabolongan waruga karancang, anjeun dimana? Basa rudal jeung bom pospor jiga hujan ngagebrét, anjeun dimana? Nalika, hiap ngampih. Dina pang rereban Umi nu haneut moyan. Urang ngobrolkeun acuk lebaran, kupat jeung opor hayam.
Nalika, ti mimiti kajadian Jabal Yaa tepi ka ayeuna, hahaneut haté Umi ngan anjeun. Ténda-ténda pangungsian geus jadi banjar karang pamidangan. Ramalah jeung Gaza ngawujud babancik jeung buruan pangulinan. Konclong, ngadu gambar, dam-daman, ngadu kaléci, gatrik jeung congklak, hatam didawamkeun.
Nalika, kéheula Umi rék reureuh. Bihari, nalika kakandungan, urang milu démo Paléstina. Sarébu, duapuluh, ratus rupia jeung dolar. Digemikeun jang anjeun. Ditiup-tiup najan sauyup, dihéar-héar najan saengang. Jaganing wanci bisa indit. Nalika, anjeun dimana? Sababaraha poé deui, Lebaran. Cuang tatahar nyieun rangginang, semprit, bolu jeung peuyeum ketan karesep anjeun.
Girimis. Kumalakay dina gumawir kamanusaan. Aya teuteup simpé. Molongpong. Pmeunteu tan dosaan. Diruruban. Disalatan opat takbir. Sisi jalan. “Geuning salat urang mah, genep wanci, Umi..”