Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Panumpang Kapal

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 08 Juli 2014 11:21:22

Hoang hatong kapal. Nitah hanjat ka panumpang. Pagegelek. Ngeungkeuy. Sabawana-sabawana. Nu nyaruhun gémbolan. Nu maranggul koper. Rumanggieung. Ngantay. Mapay cukang pameuntasan.

Di panto kapal. Gulang-gulang ngabedega. Ngulang-ngulang gada. Mariksa tikét panumpang. Nu bucitreuk, blus ka panto kénca. Nu langkonyang, blus ka panto katuhu. Nu rangkebong, blus ka panto tengah. Hawar-hawar ti rohang katuhu, tinghariring. Taretembangan. Sukaseuri. Lapat-lapat ti rohang kénca. Kocéak dengék, tingjarerit. Humarurung. Nu di rohang tengah guligah. Lengo ka katuhu, kabita. Hayang geura jung. Lengo ka kenca, baluas. Ngabirigidig. Hayang geura ingkah jauh.

"Tuan Gulang-gulang, saha itu nu di rohang tengah?" ceuk nu rék hanjat panasaran. "Saéstuna éta nu di rohang tengah. Maranehna nu dina waktuna boga pilihan, teu wani nangtukeun pilihan!"