Jumaah. Isuk-isuk. Sasarap. "Ih Apa mah," dagdag-dégdég, "ni rangokong kitu éta kuku," blus ka kamar, "sok ku Enéng cuang guntingan!" Cetrék-cetrék. Gunting kuku truk-trek. Karunya budak téh. Geus mangkat rumaja. Taya geusan pakumaha. Mun seug aya kénéh indungna. Tada teuing kana ogona. "Éta kumis gé tos cokrom?" neuteup beungeut, "teu tiasa motong kumis mah," hanjelu, "ké sonten dianteur ka salon nya, sakantenan dicukur. Ngéwa Enéng mah, ninggal nu gondrong camutmut jiga Pendékar Shaolin!" ngagadeud, baeud.
"Ari Apa ku naon? Éta kuku rangokong, kumis cokrom, rambut gondrong, bet diantep waé!" Ngecebrek. Jejebris. Teu dipiceun sasieur. Badis indungna. "Atuda bongan Enéng!" ceuk lanceukna, nyéréngéh. "Bongan Enéng kumaha, ari Aa?" nyerenteng. "Bongan Enéng, aya Bi Nyai rék haat mangmotongankeun kuku Apa, kapan Enéng teu suka!" témbal lanceukna. "Teuing ah! Saruana! Teu suka Enéng mah!" Gebrug meundeutkeun panto kamarna.