Meujeuhna. Geus euweuh tatali maranti. Ngan teuing kunaon. Teleponna keukeuh, dianti. Asa aya nu leungit tina lalangit ati. Meunggas rasa teu bisa sulaya. Hésé kacida. Keun, lurkeun. Moal dipaliré.
“Moal rék percaya deui..”
Tapi ieu haté, teu bisa dipapalérkeun. Kingkin ngagugudug. Meulah asih nu mancawura. Keur naon? Naon maksud tulisanana? Bet, asa angger nyubat-nyabit dirina. Mongkléng, ku panyinglar bangbaluh. Meredih sangkan asih kasilih. Galeuh tresna teu bisa dipondah. Antukna, ati diteuaskeun. Galura rasa dipareuman.
Naon atuh nu nyésa? Kabéh geus dipeunggas. Korédas. Tapi.., sorana nyangkaruk jeroeun dada. Diguliksek. Ditanya eusina. Na aya ngaran manehna? Lalangsé ngagunduk meungpeunan panénjo. Tirilik, sora SMS. Geuwat ditingali. Lain. Telepon jumerit. Ditingali, lain. Saminggu leuwih campleng. Moal kitu geus pohoeun kana jangjina? Apan tara codéka. Hujan nambah guligah. Tatit salésér ngawakilan geleger jiwana. Rumanggieung. Tanaga teu rosa. Golépak. Tiis ati, badis és.
“Kalangkang anjeun ngajungjurigan.”
És mimiti renghat. Kahaneutan implengan bihari. “Duuuh…”