Peuting jempling. Waktu geus cunduk ka sareureuh budak. Diluar hujan ngaririncik. Mang Sarpud keur anteng wéh nyo'o HP. Teu lila, "Aya mayiiiitt...!" Nu nyorowok ti peuntaseun jalan. Koréjat, Mang Sarpud hudang, tuluy muru sora. Handapeun tangkal angsana, Hiji angkot ngajugrug, dijero-na aya mayit. Baloboran getih. "Halik...Halik..!" Kulisi nyieuhkeun nu ngagimbung. Trilit, sora Whatsapp-na di sada. Dibaca, aya pesen nu uni-na, "Pud, catet nomor Mobil-na." Saminggu ti harita, Mang Sarpud maké motor anyar. Pulas beureum getih…*