Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Paagul-agul

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 15 Juni 2014 02:24:02

"Bapa uingah pangarang kahot. Anu maca karyana, langsung jaradi tokoh carita," ceuk Unén. "Rambo mah euweuh nanaonna. Unggal poé bapa uingah néwakan bangsat," aya nu nyelengkeung. Dodo nulak cangkéng. "Awak bapa uingah jangkung pisan. Kalapa gé ngalana dirawélan," ceuk Nyi Tini.
Ngariung di jero kelas. Uplek pisan.
Kabéh barungah. Euweuh nu teu nyarita. Unggal budak sarumanget nyaritakeun kahébatan bapana. Rupa-rupa dongéngna.
Najan hayang milu nyarita, tapi teu boga ideu. Garuk-garuk tidak gatal jadina. Ampun. Geuning kieu ari teu boga bapa téh, gerentes haté. "Uing boga indung tukang ngarang," cekéng téh. Lieuk kabéh beungeut maranco. Karagét. Euweuh nu lémék. Uing reuwas. Ngeleper.
Babaturan malencrong. "Anggeuskeun atuh!" ceuk Enjum. Panasaran. "Aslina Si Ema sok mikmin di FBS. Ngan hanjakal tara aya nu ngalaik. Anéh, nya?!" cekéng téh bari lumpat ka luar.