Beus Merak-Banjar miang ti terminal Merak wanci sareupna. Budak lalaki panumpang beus pesen ka kondétur jeung supir, nepi ka Bandung wartosan, supir jeung kondéktur nyanggupan, panumpang séjén diingetan ku kondektur mun geus tepi Bandung. Beus di Tol merak nyempung meulah peuting. Jakarta kaliwat, asup Tol Cikampek bras Cipularang, budak lalaki sarè tibra. Asup wewengkon Bandung, supir, kondéktur, panumpang, poho pesenan ti budak. Pelebah Limbangan beus eureun di rumah makan. Supir. kondektur, panumpang turun ngadon dahar, ngaropi. Sabot kitu, sarerea kakara inget pesenan budak kapopohokeun, budak tibra saré. Sapuk badami, karunya ka budak, ulah digeuingkeun, diputus balik deui ka Bandung nganteurkeun budak. Anjog ka Bandung budak digeuingkeun ku kondéktur. “ Jang, tos dugi ka Bandung yeuh, bade lungsur dimana?” Budak ngorejat gigisik, bari muka bungkusan.
” Alhamdulilah, abdi moal lungsur di bandung Pa, bade ka Banjar, mung saur Mamah, ieu roti pék emam upami tos dugi ka Bandung mah.”