“An huwa huw?”
“Na’am huwa huw..!”
“Li ma dza mawqifunal an?”
“Sanaqtuluhu..!”
Kitu paguneman kami mangsa nempo Utusan panungtung. Geus aya ti jaman Utusan kami suargi. Pang nyahona. Pang lelebna. Pang mikawanohna, ngan kudu jadi pang caliweurana. Usum perang kudu saged. Geus maju jurit, pang heulana balik. Ku kami dicutat jeung dicatet dina buku babonna. Mang abad-abd saenggeusna.
“Théo, geus rérés kabéhanna?” ceuk dunungan. Matana pécak belah katuhu. Kasauranana saciduh metu. Mangsa sawala daria taun1897. Gubrag ka alam dunya. Buku suci kami nu sayakti. Ngabaruang sakabéh nagri nu teu ngandika. Payus jeung pasipatan sékésélér kami. Ti jaman Abra tepi ka Musa. Ti jaman Mohmét tepi ka kiamat.
Kami anjog ka hiji nagri. Pangeusina kadang wargi. Sugri ku ajen diri. Ti mimiti mitembiyan bihari tepi ka kiwari. Teu weleh ngaranggeum puja-puji. Matak reueus dunungan kami. Kamari turni nepungan. Basajan paméntana, “Dolly ulah ditutup!”