Aya hiji Lutung gandrung. Keur cinutrung peuting-peuting di puncer tangkal mahoni. Di taman kota nu ngebrak. Culang-cileung. Bangun aya nu disungsi. Tatanggahan. Bulan pias dihuru mangrébu lampu. “Sampurasuuun!” Aya nu nyoara. Kapireng nu ngagorobas. Sang Lutung curinghak. Bréh. Monyét bodas. Nyéréngéh bari ngagupay. Tuluy nanya: “Kumaha? Geus tepung jeung Purbasari?”
Sang Lutung rumahuh. Gigideug. Ratusan taun néangan. Lebeng. Teu lawung-lawung. Guligah kabina-bina. “Angot batur mah. Réa nu disiksa lahir-batinna. Balas ngamén di parapatan!” ceuk Monyét Bodas. Kekerot. Ngabudalkeun kaceuceubna. “Heueuh. Dikaniaya,” Sang Lutung unggeuk. “Numatak, cuang sina baruntak! Sina ngalawan! Bantuan uing,” Monyét Bodas umajak. Seuneu ngagedur tina perongna.
Dayeuh gumuruh. Pasulabreng kukupu-kukupu peuting. “Pancén uing néangan Asihing Asih,” Sang Lutung gumerendeng. Sorana kasilih ku nu récok adurega. “Di jagat nu kieu patut?” Monyét Bodas ngagerem. “Dalah dikumaha!” Sang Lutung tatag. Monyét Bodas gogodeg. Mentegeg. “Pamit! Uing rék bajoang! Sorangan!” Monyét Bodas ngabelesat. Ngereles.
Tinggal Lutung kadua bulan ngayakas.