"Enyaan dia, Aka-étéh, ludeung arék leumpang ka Kajeroan?" tanya Ayah Mursid. Kabéhan unggeuk haget. Taya saurang gé nu teu panasaran. Papada hayang cacap. Jarah ka tanah karuhun. "Henam Ulup barengan dulur dia ti Priangan!" carék Si Ayah.
Tujuh tanjakan kasorang. Pudunan kadalapan dilakonan. Nu bayuhyuh ngarahuh. Nu jalugjug ingkud-ingkudan. Nu begang capétang dumadak répéh. Ngalempréh. Ayah Mursid kéom. Si Ulup nungkupan baham. "Peureum dia kabéhan!" ceuk Ayah Mursid. Lir kasirep. Tingkulahék. Ragamang ngodok eusi cayut. Nu bayuhyuh, nu jalugjug. Blas-blus. Diabuskeun kana cupu. Teu tinggaleun nu begang jeung nu pécéklék. Pasesedek, ngaringkuk dina Cupumanik Astagina. Blus dicayutan. Gidig, Ayah Mursid neruskeun lalampahan.
Anjog ka Kajeroan. "Mana dulur-dulur ti Priangan téh?" carék Puun. Burulu eusi cayut diudulkeun. Tingkulisik. "Lilir-lilir; Lilir ya merbangun; Kagét denira ngimpén saré; Saréné angin salenyap." Nu bayuhyuh ugal-ugil. Nu jalugjug gigisik. Hemeng. Silipelong. "Montong hemeng, Aka-étéh, dia geus anjog ka Kajeroan." carék Ayah Mursid.