Indit ka Garut téh, saptu pasosoré, da hayang nungkulan Kang Tétén, kapilanceuk, nu rék kawin, poé mingguna. Jeung deui angkanan téh, méh bisa milu seserahan.
Isukna, kira-kira jam dalapanan, nu rék seserahan, geus dibariskeun, ku Uwa pameget. Kitu deui barang bawaan, geus dipasrahkeun ka nu marilu. Kuring gé, kabagian mawa kuéh bolu nu didusan. Ngahaja, laleumpang, seserahan téh, da imah calon panganten awéwé, masih salembur kénéh.
Keur anteng-anteng laleumpang, ana sorodot, panganten tisorodot. Reg rombongan eureun. “Tenang-tenang! ieu mah mung kacilakaan alit, kumargi émutan nu badé nikah, tos hoyong geura engké wengi, atuh tisorodot kana cangkang cau.” Ceuk Emang, ngajelaskeun. Ger atuh, rombongan nu seserahan téh saleuseurian.
“Ari, Ceu Mimin, aya kitu? Tanya pangantén siga nu néangan kuring.
“Aya, tuh! pan keur mawa dus, aya naon kitu Tén?” Tanya ibuna.
“Isin, atuh, maenya aya panganten tisorodot, ké difikminkeun geura, ku anjeunna.” Ceuk panganten bari ngalieuk ka kuring. Kuring ngan saukur kéom. Dasar atuh, dulur-dulur téh, bareuki heureuy.