Pabeubeurang. Andiprek dina ambén. Nyi Sati. Anteng nyanghareupan raraga. Keur ninun sarung. Sarung petingan nu dimpleng beurang-peuting, mo burung téréh ngawujud. Enya. Sarungna jangeun Si Kaka. Rék mulangkeun panineungan kana mangsa papacangan. Susuganan matak mageuhan duriat. “Nyai, Kaka rék ka imah Lurah. Aya tatamu. Rék babantu!” ceuk Si Kaka. Ngaléos.
Tatamu. Turis. Murudul. Lembur haneuteun. Jeung Si Kaka jadi langka paduduaan. Da teu weléh ujag-ajig. Nganteur sémah ka mana-mendi. Nyi Sati humandeuar. Uleng deui. Neruskeun hanca. “Sampurasuuun!” Aya sora gumalindeng. Nyi Sati ngarénjag. Bréh. Gebeg. Toropongna murag. Ngaguluprak. “Aduuuh, hapunten, Néééng!” Jajaka nyekel kaméra. Dodongkoan. Mulung toropong. Diasongkeun bari imut.
Peuting-peuting. Nyi Sati ngahuhuleng sabot nyanghareupan hanca. Aya imut kumalangkang. Aya sora nu teu weléh gumalindeng. “Nami abdi Gilang,” cenah. Ngaweuhan dina haténa. Nyi Sati rumahuh. Hawar-hawar, kapireng sora nu keur ngararonggéng di buruan balékampung. “Si Kaka. Moal mulang téréh-téréh,” Nyi Sati cumalimba. Neruskeun hanca tinunan. Najan bari sumoréang. Ngalongkéwang.