Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Bom Waktu

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 08 Méi 2014 01:20:04

Parab ngaleuya. Awur-awuran teu puguh. Récét maracokan, nyaratu babarengan. Anu kerep macokna, beuteungna barungkiang.
Peuting kukurilingan kawas nu gering. Obat kuat dianggap jimat keur ngudag-ngudag ni'mat, dibekel ngarah si éta angger besekel. Lélétak dina leutak buyatak. Indit magrib mulang beurang. Taya kacapé jauh ka lungsé. Imah salin rupa jadi terminal, ka anak-pamajikan jadi bengal. Kakawasaan jeung jabatan disembah. Ustad asalna, kalakuan badis bangsat. Sorban jeung kopéah ngan saukur hiasan.
"Saya akan membangun daérah ini andai terpilih!" gorowokna. "Enam puluh persén gaji saya tiap bulan disumbangkan buat fakir-miskin!" jangjina. Nomer urut maranéhna pada nyolok, pada nojos. Ampir sataun nu pernah jangji teu pernah némbongan deui. "Yang kalian jangjikan, tak pernah teréalisasi..!" nu darémo gogorowokan. Aya nu neundeun bom waktu di unggal rohangan. Ngabeledug ngancurkeun gedong déwan.