Saumur nyunyuhun hulu nu ieu, kakara ngarasakeun naon hartina katresna, mun seug tibaheula moal meureun ngalaman hirup abrut-abrutan teu pararuguh modél katukang-tukang, Tapi keun baé memang hirupmah kitu kajadiaana teu bisa tebak kamana léokna.
Ampir sabulan kuring wawanohan jeung wanoja, bapana jawa, indungna ti Toraja, tapi dina ngamumulé bahasa sunda beu, tokoh, inohong ogé pada maruji.
Tisaprak panggih dina beus kota jurusan ledeng nepika anyeuna, euweuh waktu kosong nu teu dipaké, mun teu nepungan, teleponan, atawa és ém ésan, teu weléh sono.
Haté kebek ku kabungah, hirup asa ngapilik dunya. Réngsé mandi niat nepungan.
"Néng! Akang, ka bumi anyeuna?" Motor distarter.
Sabaraha kali ditelepon teu némbal, dijujug ka imahna suwung, saminggu, sabulan, sataun euweuh laratan. Bumi alam tungkeb.
Isuk-isuk, hudang saré aya es em es "Kang! Abdi, tos tumaninah di kalanggengan, kin tos waktosna urang sareng deui!"**