Saprak ningali rangsel dina tonggong Bapa nu pamungkas. Saprak ningali Mamah jeung Bapa hog-hag paréa-réa omong. Bapa teu ngalieuk deui. Pon kitu deui Mamah, ngan nangkuban nutupan raray ku bantal di kamar. Kuring jeung Sarah ngan bisa ceurik teu ngarti. Naon nu diceungceurikan.
Unggal soré, rét panon neuteup kana panto. Sugan aya rekét kasono, Bapa nu balik ngantor. Kitu deui Sarah, tiap peuting tara poho nyiapkeun piring. 4 siki. Ditungguan piring nu gambar kembang eros beureum, angger suwung. Mamah ngan ukur neuteup kosong.
Ieu téh salah kuring. Kuring nu sok kakaratak kana barang Bapa. Nimu surat nu laju dibikeun ka Mamah. Mun seug. Ngan éta kahandeueul nepi ayeuna. Sarah unggal poé ngalangeu hareupeun jandéla. Cenah keur ngagambar raray Bapa, ngarah teu poho mun panggih jaga.
Ayeuna, kuring jadi wawakil Bapa. Nyaksian Sarah laki-rabi. “Aa persis, Bapa!” Harewos Sarah. Teu karasa aya cimata dina tungtung panonna....*