Méméh Balik ka imah. Lebah punduk tanjakan Si Rébu. Manéhna, mikeun amplop kandel pisan bari alon ngaharéwos " Kanggo bekel." Rikat, disesepkeun na jero kaos dirangkep jékét. Anjog. Kasampak. Budak sajodo atoh ninggali bapa anu geus sabulan teu balik.
"Janten! mésér sapédah téh" Nu cikal.
"Kantong sareng sapatu tos reksak" Si bungsu.
"Arameng heula jig! Hawatos si bapa capééun kénéh" Pamajikan, ngasongkeun kopi.
Wanci sareureuh budak. "Mah! Pangabutuh sapopoé jeung kahayang budak utamakeun" Ngasongkeun barang paméré.
Dina haté. Aya rasa anu nyeuit, hirup saperti poék mongkléngna peuting.
Tujuh poé ngabudal kasono, ngoconan budak. Tirilik! Hp, aya pesen "Diantos, énggal" Lenyap haté, keur kuring, waktu téh mangrupa Jurig marakayangan.
Rék indit. Pamajikan, nyadiakeun sangu goréng. Saséndok dihuapkeun.
"Kang iraha uih deui?" Halon.
Kuring! ukur bisa ngusapan buukna. Rumasa.