Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Marojéngja Di Jéti Kuah

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 07 Maret 2014 09:18:11

Jéti Kuah, Langkawi. Isuk kénéh. Enon-enon jeung enin-enin. Balawiri. Ditaropi. Warna-warni. Calana pokék. Nu anyar datang. Nu arék miang. Pagegelek. Mégapon ngéngkréng. Ngiberan ka nu rék miang. Sangkan tatan-tatan. Kuala Kedah, Kuala Perlis, Satun, Pulo Pinang, déstinasi wisatawan.

Bring! Muru darmaga. Plung-plong titinggalan. Paul téténjoan. Parahu pamayang. Ngabérés. Anyar hanjat tas ngalaut. Ombak laut. Umpal-umpalan. Nyambuangkeun sénsasi bahari. Diseuseup. Lambat-lambat. sarénghap-sarénghap. Ngerelek kana tikoro. Jiga cara sasari. Mangsa nyeuseup hawa taneuh pilemburan. Sanggeus halodo panjang. Taneuh tegalan. Muruhmuy. Kacébor cihujan. Nyambuangkeun aroma kahirupan.

Jongjon. Nyeuseup hawa laut. Mitineung hawa taneuh anyar hujan. Langgéor aya nu lenjang. Pakulitan konéng umyang. Jiga mojang Cina. Tapi lain. Koréa kitu? Atawa Jepang? "Sir, jangan lah terpegun sangat. Itu pelancong Jepun! Jom pi Pulau Payar! Boat dah pun menunggu!"