Moral diobral. Sapuluh rébu tilu. Taya nu ngagawar-gawar. Nu dagangna geus peuyeuh. Diasong-asong ka nu keur ngaborong barang tina étalaseu, kabéh gé gideug. Nu karék jrut turun tina mobil, teu ngarérét-rérét acan.
Karunya, ceuk haté, “Tujuh rébu wé, nya?”
“Saleresna mah rugel. Tapi, nya mangga waé. Ieu émbohna hiji.”
Datang ka imah, moral diajaran. Asa teu pantes ningan. Dibengkerkeun kana tarang, kalah ngéwa. Digantélkeun kana kerah baju, asa teu nyurup. Meureun kudu dikongkorongkeun. Keukeuh goréng katénjona.
Tungtungna taya nu kapaké.
Ubral-obrol jeung tatangga. Sarua, cenah, taya nu merenah dipakéna. Asa ningnang waé. Malah ahirna mah moral téh dialungkeun kana wadah runtah, laju dipulung ku tukang rongsokan.
“Untung abdi mah sanés meunang meuli, tapi dibagi ku bapa calon walikota,” pokna.