Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Masker

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 15 Fébruari 2014 09:28:36

Kelud bitu, lebuna parat ka Bandung. Kudu maké masker, bisi mulekna kekebul kaseuseup, laju nyaliara kana bayah. Mapay ti Kosambi tepi ka Cicadas, nyimpang ka genep apoték, geus taya beulieun . Masker pada ngaborong. Amrin. Laris manis. Manggih-manggih di pertélon Cicaheum. Ti tukang asong. Kitu gé masker urut. Ambuing étah hargana, mani sapuluh tikel ti sasari.
“Moal kapasihkeun ditawis lima rébu mah. Ieu masker téh apan tilas Déwi Persik. Upami palay nu rada mirah mah, ieu waé tilas Ruhut Sitompul atanapi Sutan Bhatoegana,” ceuk tukang asong, ka anu nawar leuwih ti heula.
“Ah, hayang masker urut presidén, da,” cekéng téh, teu kapalang gelo.
“Jih, éta mah teu diical atuh. Apan janten barang inventaris nagara,” témbalna.