Tengah peuting. Hujan ngaririncik. Hawa tiis ngahaliwir tina sela-sela bilik. Di kamarna, Jang Aman teu daék saré. Hulang-huleng. Ras ka pamajikanana. Nu lunta ti saprak gagang siwurna jadi teu waluya. "Aing kudu buru-buru nepungan deui Ki Tarya." gerentesna.
Mangsa carangcang tihang. Tatan-tatan. Bobogaanana nu panjangna méh saméter, digulung. Sup kana sarung. Tungtung sarung dibeulitkeun kana cangkéngna. Kencling indit. Malibir ka sisi lembur. Nyingkahan warga. Nyokot jalan norobos ku jalan meuntas wahangan.
Anjog ka sisi cai, ngadon olohok. Mencrong Nyi Épon tatanggana, nu keur jongjon nyeuseuh. Awakna ukur dibulen anduk. Inggis katohyan, buru-buru meuntas. Bras ka pasawahan. Sajajalan, pikiranna manteng ka nu bieu katempo. Bobogaanana nu di jero sarung, laun-laun nguliat. Ngagedéan. Tug nepi ka jegjregna.
"Mamawa naon tatéh, Sujaaang...? Mani panjang jeung hideung kitu?" ceuk Nini Uti. Nyelengkeung ti tengah sawah nu keur dirambétna. "Patung oray bedul, Ma...!" témbalna. Leumpangna beuki gancang. Muru imah Ki Tarya nu geus katénjo suhunanana.